Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero

Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero - Hallo sahabat CONDENPE, Pada Artikel yang anda baca kali ini dengan judul Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero, kami telah mempersiapkan artikel ini dengan baik untuk anda baca dan ambil informasi didalamnya. mudah-mudahan isi postingan Artikel Bahasa Sunda, Artikel Dongeng, yang kami tulis ini dapat anda pahami. baiklah, selamat membaca.

Judul : Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero
link : Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero

Kamu Bisa Download File Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero di bawah ini !

Baca juga


Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero

Numutkeun hiji katerangan mah jaman baheulana sasatoan téh kabeh bisa nyarita saperti jelema, katurug-turug boga karajaan sorangan gabungan sasatoan. Ari anu jadi rajana nya éta sakadang macan. Raja leuweung nu pohara pikagilaeunana tapi bijaksana.

Dina hiji poé di éta nagara sasatoan téh, aya anak séro keur anteng ulin, torojol aya kuda nu kaparengan liwat ka éta tempat. Kalawan teu dihaja, éta anak séro téh katincak ku kuda da beungeut kuda kaeurad ku rambat lancah nu aya hareupeunana. Bari teuing ti mana béejana éta kajadian téh éar saharita yén anak séro katincak kuda nepi ka hanteuna. Teu lila indung séro laporan ka raja. Harita téh pareng merbayaksa masualkeun perkara katincak anak séro.

Teu lila, raja mariksa kuda kalawan sora wibawaan.

“Hey kuda bener anjeun geus boga dosa nincak anak séro? Ceuk raja.

“Dawuh Gusti abdi teu rumasa lepat margi pangna abdi nincak anak séro abdi nuju leumpang panon abdi tikudawet ramat lancah nu ngahaja dipasang di jajalaneun. Tuh nu lepat mah lancah juragan.”

“Bener séro, nu salah mah lain kuda tapi lancah. Lancah, naha bener manéh masang ramat di jalan?” ceuk raja ka lancah.

“Leres ari masang ramat téa mah. Ngan sanes badé ngajaring kuda, tapi keuheul ku papatong bongan gawéna ngan ngéngklak baé ngigel ku abdi badé dijaring. Janten nu lepat mah papatong,” ceuk lancah.

“Bener manéh papatong gawé nga ngengklak baé? Ngigelan saon?

“Nun abdi Gusti teu lepat da abdi mah ngigelan bangkong bongan teu eureun ngendang baé, nya ku abdi diigelan, jadi tuh nu lepat mah bangkong.”
“Bangkong, naha manéh make ngendang baé?”

“Gusti abdi teu lepat da abdi mah sanes ngedang tapiu seuri, nyeungseurikeun tutut da mani agul boda imah gé ngan dibabawa baé ka mamana.”

“Tutut, bener manéh ngan mamawa baé imah, naon sababna?”

“Abdi mamawa baé imah téh sabab abdi sieun ku cicika, sieun diduruk da mamawa baé seuneu.”

“Hey cicika, naha manéh mamawa baé seuneu enya rék ngaduruk imah tutut?”

“Gusti, abdi mamawa seuneu téh abdi mah néangan keuyeup bongan sok ngorowotan baé tambakan balong, upami ku abdi dicaangan mah liren ngorowotan tambakanana téh.”

“Keuyeup naha manéh sok ngorowotan tambakan balong?”

“Nun Gusti, abdi teu lepat da abdi mah ngorowotan tambakan balong sotéh keuheul ku lauk asa kapuji sing jareprét teu kaop aya cai, matak ku abdi disaatan caina ngarah teu asa kapuji teuing.”

“Lauk emas naha manéh make sing jarepréet baé teu kaop aya cai? Sok jawab naon sababna?”

Lauk emas ukur ngabigeu, manéhna malah ngahuleung. Atuh puguh baé raja beuki ambek. Tungtungna lauk emah téh diprékprék ku raja.

“Tuh séro pék hakanan lauk emas ku manéh itung-itung ngagantian anak manéh nu katincak ku kuda,” ceuk raja bari ambek kacida.

Nya ceuk ujaring dongéng, ti harita séro téh sok ngahakanan lauk dibalong.** (Dicaritakeun deui ku: Dika / Galura)

sumber: archive69blog.blogspot.com


Demikianlah Artikel Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero

Sekianlah artikel Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero kali ini, mudah-mudahan bisa memberi manfaat untuk anda semua. baiklah, sampai jumpa di postingan artikel lainnya.

Anda sekarang membaca artikel Dongeng bahasa sunda, sasakala lauk jeung sero dengan alamat link https://contoh-definisi-pengertian.blogspot.com/2013/07/dongeng-bahasa-sunda-sasakala-lauk.html